Sabtu, 18 April 2015

SASAKALA BAYAWAK ATAH


Basa malam Jamahat tanggal dalapan Rajab, akang jajap mamah Anah garwana bapa camat Ahmad ka Jakarta kana kandaraan panjang. Barang datang ka jalan Kanggraksan Barat aya Pa Jajang, Pa Adang, sarta Pa Badra. Pa Jajang anakna bapa wadana Jagabaya. Pa Adang sarta Pa Badra mah anakna bapa Sacakarta Bandar bawang sarta Bandar sabrang pangkayana satatar kacamatan Karangdatar Jawa barat. Raray akang marahmay sabab aya baraya kaya harta datang mayaran, sama-sama kana kandaraan panjang sarta sama-sama nyaba ka Jakarta.
Nah .. pas datang ka Karawang, pas sawah datar aya hawangan rada saat taya caahna, mata akang natap ka handap aya bayawak calangap ngajajar dalapan, kata pa Jajang mah aya salapan bayawakna. Akang hayang ngala bayawak anakna ngan aya basa ragap taya tangan pangawasa, sabab akangna kana kandaraan panjang. Akang ngan ngaragap dada sarta natap kana kaca ka handap, manah akang ngarasa hanjakal sabab taya wasa mawa anak bayawak. Pa Jajang sarta Pa Badra mah ngakak ngabarakatak ha…ha..ha…ha… sabab tarangna Pa Adang nahnay kana gagang rantang mamah Anah. Mamah Anahna ngarasa salah sabab tarang baraya akang rada nahnay.
Pas jam salapan akang, mamah Anah, Pa Jajang, Pa Adang sarta Pa Badra datang ka Jakarta. Akang sarta Mamah Anah ka Babakan Jakarta Barat kana kahar bapa Astra. Pa Jajang, Pa Adang sarta Pa Brata mah nyaba ka Jalan Cagak mapay-mapay catang jalan satapak sabab ka jalan cagak mah taya kandaraan.
Barang datang, akang rada hamham sabab bapa Camat Ahmad rada galak, pas datang ka pakarangannya katara rarayna Bapa camat Ahmad rada marahmay sabab mamah Anahna datang malam Jamahat, akang wakca ka bapa Ahmad sabab datangna rada lambat, pa Ahmad ngajawab “tak apa-apa” katanya.
Jam dalapan malam akang ngarasa lapar hayang dahar sarta hanaang atawa halabhab sabab Jakarta mah hawana panas, nya kapaksa akang wakca ka pa Camat Ahmad hayang kalapa. Cag Pa camat mangkat ka sawah ngala kalapa samanggar sarta nangkana dalapan, sabab babawaanna banyak nya pa Camat mawa Avanza tatanggana.
Sawatara pa Camat ngala kalapa sarta nangka, akang jalan-jalan mawa Yamaha anakna pa Camat mapay-mapay jalan Jayakarta sabab hawana panas Jakarta mah, pas jalan cagak raray akang marahmay sabab aya baraya akang wastana Pa Badra mamawa danas salapan, nya akang ngadahar dalapan ka lahapna, padaharan akang kalahka katarajang kasawat radang rahang atas, baham karasa parahang, mata karasa wararaas, sarta mastaka ngadadak karasa asa karagragan kalapa samanggar.
Parasaan akang asa wararaas pas datang ka jalan Jayakarta Barat, mangsa sawatara jaman walanda, jalan Jayakarta Barat mah banyak jajaka sarta parawan anakna walanda jalan-jalan mapay-mapay hawangan saat sarta taya cacaangan padahal jalanna rada sangar sarta barala. Dada akang ngarasa ngadalagdag basa aya parawan anakna walanda ngadangkak katara calana dalamna, sawatara tangan jajakana mah ngarabaan dadana sarta tangan kananna ngagaranyang handapna pas paha parawan anakna walanda, akang ngarayap da hayang walatra natapna, nah…. Basa akang natap bahamna parawan anak walanda calangap kaya BAYAWAK ATAH.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar